Wilujeng énjing, wilujeng siang, wilujeng sonten atanapi wilujeng wengi ka para pamaca anu aya dimana baé, dina ieu wayah abdi téh badé ngabahas kamampuan barudak alit kana basa Sunda. Dina éra globalisasi ieu tos puguh kahirupan masarakat téh robah kalebetna budaya masarakat Indonésia, loba jelema anu nganggep budaya daerahna téh teu alus, bahkan kiwari téh loba budak alit teu nyaho kana basa daérahna sorangan, contona téh di lembur abdi di daérah Pandéglang padahal mah daérah Pandéglang téh daérah lembur tapi kiwari téh loba budak alit di Pandéglang anu teu tiasa nganggo basa sunda, ieu téh disebabkeun kolotna teu ngajarkeun basa Sunda ka anak-anakna lantaran maranéhna nganggep nganggo basa Indonésia atanapi asing teh leuwih alus kiwari loba kolot anu balomba-lomba ngasupkeun anakna ka kursus basa asing sapertos basa Inggris atanapi basa Jepang padahal hal ieu téh can tangtu leres émang sih urang téh kedah pinter kana loba basa asing tapi urang kedah inget kana basa sorangan.
Paktana kiwari loba basa asli daerah Indonésia téh punah lantaran tos teu aya nu nganggo, teu hoyong pan basa anu ku urang banggakeun ieu punah lantaran teu aya anu nganggo? tos tanggung jawab urang salaku masarakat Sunda ngalestarikeun basa sarta budaya Sunda salah sahiji carana téh ngajarkeun anak-anak urang nganggo basa Sunda sarta ngagunakeunana dina lingkungan kaluwarga. Atanapi cara lain ogé urang ngadamel artikel internet nganggo basa Sunda jiga anu dilakukeun ku panulis ieu. Sabenerna téh ieu ogé kedah jadi perhatian pamaréntah khususna pamaréntah daérah sabab budaya jeung basa téh nyawa tina daérahna.
Komentar
Posting Komentar